Senin, 08 April 2013

LAWANG UGA



KAWULA NING GUSTI
Sungkeman rasa anu mapaesan, cahaya ning anu maha Murba.
lungsur-na sinar ka sampurnaan ules watek pamadegan ka sajatian.
mungguh hing sagala rupaning ci tresna anu maha surti
anu geus teu perlu di seja menta.
iwal ti diri nga-ucap "Nu-Hun".
teges tetes clik putih acining asih, clak herang cahya gumiwang
bray cahaya......nebar wangi ning sumebar.
seungit wangi ngadalingding
dalingding asih sajati.
nya cahaya jati ning suci..........................
sup bayu ka kurungan.
ngancik deuheus sajero-ning ati.
ngobah manceg sajati-ning raga.
ulin usik ti-nimbangan
pinuh rasa ku asihan.
nya wujud ku sajatina
Nga-hing Sili ngadeg diri wangi sari nu ngajadi.
Kawula ning Gusti
Ingsun daha nu manunggal.
Manusa anu ka-manusaan
Bangsa anu ka-bangsaan
Tuhu anu ka-tuhuan............
nya Kawula ning gusti
gusti ning pangawulaan.
Sembaheun sa-lalawasna
Gusti anu jadi Guru sajati ning pasti.
Pancen..........!!!.
cag...


SALIEUK EBREH........
Ret tanggah ka luhur............ aya nu mayungan
Ret tungkul ka handap...........aya nu ngamparan
Ret neuteup ka hareup..........aya nu mapagkeun
Ret ngalieuk ka tukang..........aya nu nganteurkeun
Ret ngareret ka sisi sarta ka gigir........ aya anu ngaping tur ngajaring
ebreh sapangreretan.....................atra setra kanti sukma.
tapi...
ari reup teuleum ka sagara rasa anu aya sajeroning dada.
mana horeng masih keneh mongkleng mah aya cahayana.....
naon atuh anu di seja..........ngalanglang alam kalangkang
iwal ti diri seja pakumaha ka saha, geusan ngangon sakabehna pangawasa titipan.
gening mana horeng allah teh aya ti salira sadaya...
horeng Allah teh aya di luhur, tapi lain di luhur langit, nya teges aya di luhur sagala-galana.
geusan panyalindungan teh iwal ti katangtuan hukumna.
"KURING NYALINDUNG DINA HUKUMNA ALLAH
DINA SAGALA PANGAWASA ANU JADI MAMALA"



"PAREBUT JOJODOG DI PAYUNG TANGTUNG"

datang mangsa nyandang rasa
nu di tunggu geus manjing sangkala tangtu
nya kiwari manjing nu gubrag ngabukti
Soenda tandang mangun sari wangi diri
gagah rongkah lain pedah
agul unggul lain wungkul
dangiang pada nguniang
Soenda manggung mo kahalang
ngan hanjakal, padana pakia-kia
masih keneh, kalarung hawa nafsuna
mawa aing asa turus uyah kidul
ngudag tangtung, dina pada-pada unggul.
najan elmu pada luhung
taya guna mun jadi alat panundung
nupuguhmah petana suling nu silung
heuheuy deudeuh............
nga-geuhgeuy sili geugeuleuh.
Rahayuuuu.............Rahayuuuuu..............Rahayuuuuuu.
 


BIHARI NGANCIK KIWARI
TABE PUN.
MATAK REUEUS TUR BAGJA, MANGSA SOENDA NGUNIANG HUDANG, MAKALANG DI LEMAH CAINA SORANGAN..........TANDANING CAHAYA BIHARI NGANCIK KA WUJUD KIWARI, PARA HYANG NU SUCI, NGUSIKKEUN SAJATI NING ATI NGOBAHKEUN SAJATINING RASANA PARA NONOMAN PUTRA BANGSA NU SAJATI NU NYAAH KA LEMAHCAI.......GEUS TEU KAHALANG KU PIPINDING, JALAN GEDE SASAPUAN BRAY CAANG PADANG NARAWANGAN NAGARA TUNJUNG SAMPURNA...........
TAMBAK BAYA NGABALE RANTE, LAWUNG KA AHUNG SABALE GANDRUNG, NGA GANDRUNG KA SOENDA TANDANG AJEG NANGTUNG PARA SINATRIA JALADARA KI SOENDA.........."TEUNEUNG LUDEUNG REUGREUG TUR PANCEG"..WANA.....WANI....WANTUN...... WANA....WANI....WAWUH..........
TING DALEUNGDANG PAPADA MAWA LALAKON.................
DINA PASORANGAN ANU DI SORANG HASIL SORANGAN DINA ALAM ANU KASORANG, NGEDALING SORA NU URANG. SORA NGA-NA......PANYELUK DULUR SA GALUR...........NU SA ASAL.... NU SA BAKAL....NU SA TUNGGAL.....TUNGGAL IKA,  MARDHIIKA........
RAHAYUUUUUUU....RAHAYUUUUU.....RAHAYU SA GUNG DUMADI.
AHUUUUUNG ............CAG, RAMPES.