Kamis, 21 Maret 2013

MAUNG LUGAY DI PADEPAAN



MAUNG LUGAY DI PADEPAAN
TURUN PULUNG TI GALOEH AGUNG

Geus wancina kami nyaring dina antengna mangsa ngadaweung bari ngadangding.
Sarta nyakseni na alam anu kiwari geus leungiteun ciri sakumaha anu jadi papagon patri, di mangsa alam kajayaan bihari.

Horeng geuning sulaya dina panyangka, sakumaha wanti-wanti kami mangsa nitip nagri katut bangsa ka arandika. Sabab harita kami pamit, lugay di panggung lalakon kulantaran kami nyaah ka rahayat jadi korban ka dholiman.

Jalma-jalma anu mindah rupa, kasarumahan ku ririwa jeung duruwiksa
Rahayat kami di kakaya, dipaksa tur diperdaya jeung di kaniaya ku barayana pribadi anu jiwa jeung rasana geus khianat, dibeuli ku kadihinan diluar papakon anu sabenerna jadi hiji tangtu aturan kami pribumi.
Rea rahayat kami nu ngahianat ka nagarana pribadi, robah rupa mindah rasa, robah ageman kasajatian kabawa ku sakaba kaba.

Anu ahirna hirup lain diatur ku kapastian jati diri anu asli tapi jiwa geus dikungkung ku alam impian jeung harepan, sagalana nunggu buruhan, di bobodo, di bodokeun ku kabodoan bangsa anu bodo.

Nya wayahna, kami lain kalalanjoan lalajo bari teu nenjo, da kami kungsi turun lisan janji anu masini.

Mangke dina waktu ahir pasini yen kami datang tanpa wujud tur kami ngucap tanpa sora.
Tapi kami deuheus, aya dina ciri wawangi jiwa-jiwa sajati nu pinuh rasa tanggungjawab kana papancen anu hiji nyata…….

Eling ka Kami....................Tuhu ka dihin pinasti geus tinu boga widi
Eling ka Kama...................Tumut ka papagon luluhur nu jadi paku tangtu
Eling ka Nusa,,,,,,,,,,,,,,,,,.Ajen ka Lemah Cai Suci titipan tempat nya ngala-laku  di-Alam Jagat buwana Noeswa Natara.




Tidak ada komentar:

Posting Komentar